Tampilkan postingan dengan label TATARUCINGAN. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label TATARUCINGAN. Tampilkan semua postingan

Jumat, 01 Maret 2013

Bisa turun tapi teu bisa naek ?

Bisa turun tapi teu bias naek ? Hujan

Naon sababna kareta api leumpangnna ngarayap ?

Naon sababna kareta api leumpangna ngarayap ? Mun nangtung nabrak pesawat

Petina hiji mayitna loba ?

Petina hiji mayitna loba ? Korek api

Budak dugul asup kana leutak ?

Budak dugul asup kana leutak ? Cilok

Soek teu bias dikaput, kotor teu bisa diseuseuh ?

Soek teu bias dikaput, kotor teu bisa diseuseuh ? Kertas

Ku naon tukang baso nakolan mangkok ?

Ku naon tukang baso nakolan mangkok ? Ku sendok

Tukang dagang naon anu nyumput ?

Tukang dagang naon anu nyumput ? Tukang bilik

Unggal diasupkeun ka luar deui ?

Unggal diasupkeun ka luar deui ? Kancing

Ari nangkub eusi, ari nangkarak kosong ?

Ari nangkub eusi, ari nangkarak kosong ? Kopeah

Pribumi di luar, ari semah di jero ?

Pribumi di luar, ari semah di jero ? Tukang beca

Tipeuting asak, tibeurang atah ?

Tipeuting asak, tibeurang atah ? Lampu listrik

Bangku naon anu bisa didahar?

Bangku naon anu bias didahar ? Bangkuang

Diubek diteangan, sanggeus kapanggih dipiceun ?

Diubek diteangan, sanggeus kapanggih dipiceun ? Korong

Kaca naon anu pangbeurat-beuratna ?

Kaca naon anu pangbeurat-beuratna ? Kacalikan gajah

Make baju lain manusa, make dudukuy lain tentara ?

Make baju lain manusa, make dudukuy lain tentara ? Bebegig sawah

Candi naon anu gondrong ?

Candi naon anu gondrong ? Can dicukur

Sirah naon nu bisa leumpang ?

Sirah naon nu bisa leumpang ? Sirahmat

Rabu, 27 Februari 2013

Gajah tumpak beca, gede naonna ?

Gajah tumpak beca, gede naonna ? Bohongna

Tukang naon lamun digeroan dititah dahar sok naek ka luhur ?

Tukang naon lamun digeroan dititah dahar sok naek ka luhur ? Tukang ngagali sumur

Make baju bodas lain dokter, make helem hejo lain tentara ?

Make baju bodas lain dokter, make helem lain tentara ? Toge

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More