Senin, 07 Januari 2013

PARIBASA SUNDA


1. Adam lali tapel. (Poho ka baraya jeung lemah cai).
2. Adat kakurung ku iga. (Tabéat nu geus hésé dirobahna).
3. Adéan ku kuda beureum. (Ginding ku barang batur atawa barang meunang
nginjeum).
4. Agul ku payung butut. (Jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yén
manéhna turunan ménak baheulana).
5. Alak-alak cumampaka. (Niru-niru atawa mapadani saluhureun boh dina
kalungguhan, kakayaan, atawa atikanana).
6. Ambek sadu santa budi. (Soléh hate lemes budi).
7. Anjing ngagogogan kalong. (Mikahayang hiji hal nu pamohalan).
8. Anjing nyampeurkeun paneunggeul. (Nyampeurkeun nu rék nganyenyeri).
9. Anu burung diangklungan, anu gélo didogdogan, anu édan dikendangan.
(Anu gedebul dihaminan supaya tambah maceuh).
10. Ari diarah supana kudu dijaga catangna. (Ari aya barang nu diala hasilna
kudu daék ngurusna).
11. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. (Ari umur geus kolot
ari kahayang cara nu ngora).
12. Asa aing uyah kidul. (Asa jadi pangpunjulna).
13. Asa kabur pangacian. (Kacida reuwasna nepi ka teu puguh cabak).
14. Asa ditonjok congcot. (Meunang kabungah anu gedé nu teu disangka-sangka).
15. Asa nanggeuy endog beubeureumna. (Kacida nyaahna).
16. Asa potong leungeun katuhu. (Leungiteun jelema anu pohara hade gawéna).
17. Ati putih badan bodas. (Beresih hate, teu aya pikiran goréng).
18. Ati mungkir beungeut nyanghareup. (Kasatiaan nu teu terus jeung haté).
19. Aya jalan komo meuntas. (Manggihan jalan atawa cara pikeun gancanggancang
ngalaksanakeun pamaksudan).
20. Ayakan mah tara meunang kancra. (Usaha nu modalna leutik hasilna ge moal
gedé).

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More